Kamis, 03 Desember 2015



Riadlohan                                                                                                        03 Desember 2015
KH. Moch. Syarif Hidayat (Pengasuh PonPes Al Hasan Ciamis)
Dawuhan Alloh dina Al Quran surat Al An’am ayat 59
وَعِنْدَهُ مَفَاتِحُ الْغَيْبِ لا يَعْلَمُهَا إِلا هُوَ وَيَعْلَمُ مَا فِي الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَمَا تَسْقُطُ مِنْ وَرَقَةٍ إِلا يَعْلَمُهَا وَلا حَبَّةٍ فِي ظُلُمَاتِ الأرْضِ وَلا رَطْبٍ وَلا يَابِسٍ إِلا فِي كِتَابٍ مُبِينٍ
Penjelasan nana
Urang sadayana, salaku manusa anu iman ka Alloh, salawasna kudu boga jiwa muroqqobah (rasa ditetep, diawas ku Alloh) baik lahir atanapi bathinna.
Sabab Alloh mung hiji-hiji dzat anu uninga kana sadaya perkara baik eta anu aya dimuka bumi, dilautan, atanapi sadaya alam jagat. Kalakay anu rag-rag oge diuninga ku Alloh sadayana tercatat dina buku anu nyata, nyaeta di Lauhil Mahfudz.
Manfaatna dina tiap diri urang aya jiwa muroqqobah, nyaeta :
1.      Bakal bisa ngagunakeun umur pikeun hal anu manfaat didunia jeung diakherat
2.      Bakal tumbuh semangat dina beramal anu dilandasan ku kaikhlasan
3.      Bakal hati-hati dina lumampah, bisi tumiba kana perkara anu dilarang ku Alloh

Kamis, 05 November 2015

Riyadloh                                                                                                               Kamis, 05 November 2016
Pondok Pesantren Al Hasan Ciamis
KH. Moch. Syarif Hidayat
Dawuhan Alloh Surat Al Hadid ayat 21
سَابِقُوا إِلَى مَغْفِرَةٍ مِنْ رَبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا كَعَرْضِ السَّمَاءِ وَالأرْضِ أُعِدَّتْ لِلَّذِينَ آمَنُوا بِاللَّهِ وَرُسُلِهِ ذَلِكَ فَضْلُ اللَّهِ يُؤْتِيهِ مَنْ يَشَاءُ وَاللَّهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيمِ
Aranjeun kudu berlomba pikeun ngamenangkeun pangampura Pangeran anjeun jeung surgana luasna saluas langit jeung bumi, anu disadiyakeun keur jalma anu iman ka Alloh jeung ka RosulNa, eta teh kurnia Alloh anu dibikeun kamanusa sesuai jeung kehendak Manteunna, jeung Alloh kurnia anu ageung.
Alloh marentahkeun kasakabeh manusa khususna jalma anu iman ka Alloh kudu paheula-heula pikeun ngamenangkeun pangampura jeung surga nu pinuh ku kanikmatan. Sagala paripolah jeung tarekah ulah lepas tina tujuan hayang meunang magfiroh sarta jannah.
Lamun jalma hirup dialam dunia teu narget kana meunangna magfiroh sarta surgana Alloh, maka mubah hirupna eta jalma. Satiap jalma pasti ngaharep kana hal-hal ieu
1.      La’ibun                        : Kaulinan
2.      Lahwun           : Perkara anu mantak mohokeun
3.      Jinatun             : Kagindingan
4.      Tafahur                        : Mewah
5.      Takasur            : Bangga ku lobana harta
Ieu nu aya dina satiap angan-angan jalma anu hirup, etamah ek iman atawa heunteu.
Dina tiap urang pastina aya potensi atawa kasempatan pikeun ngameunangkeun maghfiroh sarta jannah, sabab dua hal ieu Alloh teu ngawilah-wilah pikeun meunangna magfhiroh sarta jannah, asal urang kudu iman ka Alloh jeung ka Rasulna, sok sanajan meunangna magfhiroh sarta jannah eta karunia Alloh, tapi tetep urang salaku jalma anu iman kudu aya jalan lahiriah nyaeta ku ngabdikeun diri urang ka Alloh ku cara ngalobakeun amal sholeh.


Kamis, 29 Oktober 2015

Riyadlohan                                                                                                                                  Kamis, 29 Oktober 2015
KH. Moch. Syarif Hidayat
Kabahagiaan pikeun jalma anu iman
Jalma anu bakal meunang kabahagian nyaeta jalma anu mampu nguasaan dirina,ku akal sehatna jalma bisa ngelehkeun hawa nafsu.
Genep tingkatan anu bakal meunangkeun surga firdausna Alloh, diantarana nyaeta :
1.       Jalma anu khusu dina sholatna
2.       Jalma anu nyingkahan tina kagorengan
3.       Jalma anu sok mikeun zakat
4.       Jalma anu sok ngajaga kahormatan dirina, kajaba kanu hak
5.       Jalma anu sok ngajaga kana amanah
6.       Jalma anu sok ngajaga jeung nyampurnakeun sholat


Kamis, 22 Oktober 2015

Kamis, 22 Oktober 2015
Riyadlohan Pondok Pesantren Al Hasan
KH. Moch. Syarif Hidayat
Dawuhan Rosululloh SAW
اَلْمُؤْمِنُ الْقَوِيُّ خَيْرٌ وَأُحِبُّ اِلَى اللهِ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ ضَعِيْفِ وَفِيْ كُلِّ خَيْرٌ اِحْرِسْ عَلٰى مَا يَنْفَعُكَ وَاسْتَعِنْ بِاللهِ
Seorang mukmin anu kuat leuwih alus jeung leuwih dipicinta ku Alloh, tinimang mukmin anu leumah. Jeung dina diri masing-masing aya kahadean maka usahakeun ku anjeun kudu sungguh-sungguh dina migawe anu manfaat pikeun anjeun, kudu menta tulung anjeun ka Alloh jeung ulah jadi jalma anu leumah.
Lamun kakenaan ku musibah maka ulah nyarita “lamun kuring kieumah pasti hasilna kieu”, tapi urang kudu nyarita sagala anu ditakdirkeun  ku Alloh pasti jadi saenyana, ucapan, lamunan eta jadi cukang lantaran pikeun datangna syetan kadiri urang.
Kesimpulan tina hadits diluhur :
1.       Kudu bisa ngabentuk manusa pikeun jadi mukmin anu berkualitas jasmani sarta rohani
2.       Mukmin anu berkualitas bakal mampu ngendalikeun hawa nafsu pikeun ta’at jeung berbuat anu sakira manfaat pikeun dirina jeung anu sejen
3.       Mukmin berkualitas imanna pasti bisa ngagabungkeun usaha lahir jeung bathin, sarta menta tulung ka Alloh

4.       Mukmin anu berkualitas nalika ditimpa musibah pasti berusaha pikeun ngubaran jeung masrahkeun diri kana takdir Alloh, bari teu aya penyesalan 

Jumat, 28 Agustus 2015

SISINDIRAN



ANEKA RUPI GUGUYONAN KANGGO ACARA MURANG KALIH
Jalan-jalan ka kawali
Teu hilap meser durian
Bismillah ku abi diawali
Abi maoskeun sisindiran

Kalau anda beli teri
Jangan lupa beli lalab
Kalau anda memang istri
Jangan lupa pakai jilbab

Buat apa beli lipstik
Kalau tidak beli klip baru
Buat apa wanita cantik
Kalau tidak punya ilmu

Laju-laju perahu laju
Sudah dekat tepi ke hulu
Kalau jauh aku rindu
Sudah dekat aku malu

Mah tolong beliin vita
Vita yang warna coklat
Mah tolong cariin wanita
Wanita yang suka sholat

Kemana jalan ke jogja
Kesana ke pengasinan
Kemana jalan kesurga
Kesana kepengajian

Beli cincin dari bekasi
Mahalnya si emas karat
Biar miskin asal santri
Selamat dunia akhirat

Janganlah meminum fanta
Sebelum memakan jambu
Janganlah bermain cinta
Sebelum mendapat ilmu

Janganlah memakan pepaya
Karena bisa sakit perut
Jangan coba menghina saya
Suatu saat akan kepincut

Pak dalang mainkan wayang
Wayangnya wayang arjuna
Aduh akang ingin pulang
Karena selalu ingat dia

Satu dua tiga empat
Lima genep tujuh delapan
Menuntut ilmu harus semangat
Biar berhasil dimasa depan

Kalau mau beli mangga
Pergilah ketukang buah
Kalau mau masuk surga
Rajin-rajinlah beribadah

Kalau ngaji yaqulu
Jangan luga ngaji imrithi
Kalau mau menuntut ilmu
Jangan lupa rajin mengaji

Jalan-jalan ke kota paris
Lihat orang beradu keris
Hanya kamu gadis manis
Yang selalu pakai gamis

Beli mobil warna merah
Suka dipakai kekali
Bila kamu sedang marah
Rasanya cantik sekali

Bulan terang wajah benderang
Duh senangnya kalau tersirat
Biar orang pada pulang
Aku ingin selalu dekat

Buat apa beli kelapa
Lebih baik beli mangga
Buat apa masuk neraka
Lebih baik masuk surga

Kalau ada jarum yang patah
Jangan disimpan didalam peti
Kalau ada kata yang salah
Jangan sampai lapor polisi

SISINDIRAN
BAHASA ARAB & INDONESIA
Bilatun itu lantai
Zujajatun itu kaca
Bila anda ingin pandai
Harus rajinlah membaca

Salatotun sambel
Jahilun itu bodoh
Jadi anak jangan bandel
Nanti jadi anak bodoh

Fahmun itu orang
Bisbasun itu lombok
Pemuda zaman sekarang
Bisa bangga kalau mabok

Sirkatun eta koperasi
Hamamun kamar mandi
Jangan coba korupsi
Nanti hilang harga diri

Potatun itu tomat
Manjaun itu mangga
Bila anda ingin sehat
Haruslah rajin olahraga

Ahmarun merah
Bayaya itu pepaya
Belajar tiada lelah
Demi cita-cita yang mulia

Kahrubau listrik
Rupul kutub rak kitab
Kalau gadis ingin cantik
Jangan lupa pakai jilbab

Mirsamun itu pensil
Indahu dia punya
Biar kami anak kecil
Yang penting penampilannya

Malihun itu asin
Ustadun bapak guru
Kalau anda ingin kawin
Harus bisa ngaji dulu

Toirun merpati
Wazzun itu angsa
Belajar tiada henti
Untuk agama dan bangsa

Hajarun itu batu
Al’aana sekarang
Kalau ibu mau menantu
Saya juga masih bujang

Mahjaun itu asrama
Mihbarotu tempat tinta
Jalankan sholat yang lima
Itu kewajiban kita

Tanurun itu hawu
Hajarun itu batu
Bila ibu ingin menantu
Carilah santri dulu

Baqorun itu sapi
Yauman sehari
Jangan suka ingkar janji
Bisa turun harga diri

Hamrotun bara api
Ukhtun itu saudari
Kalau ingin berprestasi
Haruslah rajin mengaji
Jismun itu raga
Mubatada itu pemula
Sopan santun harus dijaga
Biar tidak kaya serigala

Pursatun itu sikat
Gorbun itu barat
Buat apa suka sholat
Kalau tidak bayar zakat

Ummun itu nyonya
Dzujajun itu ayam
Nikmat tiada banding
Nikamat iman dan islam

Sholihun anak sholeh
Mihbarotun tempat tinta
Yang disebut anak sholeh
Harus ta’at ibu bapak

Indi saya punya
Jaesun itu tentara
Nabi kita semuanya
Muhammad yang tercinta

Waroun dibelakang
Sayyidun itu tuan
Wanita zaman sekarang
Kecil-kecil sudah pasaran

Abu syukin durian
Abu sy’arin rambutan
Awas jangan berduaan
Nanti kemasukan syetan

Toirun kapal terbang
Yaminun itu kanan
Perawan zaman sekarang
Kok sudah bocor duluan

Rihun bau terasi
Kohwatun itu kopi
Jada diri jaga gengsi
Tapi harus tahu diri

Samakun itu ikan
Amama di depan
Biar iman digadaikan
Uang yang jadi kejaran
Fakihatun buah-buahan
Samaniyatun dalapan
Silahkan kita hiburan
Kalau sudah kewajiban

Hulwun itu manis
Sodrun itu dada
Hati-hati anak gadis
Bila ada yang menggoda

Limadza itu kenapa
Laonun itu warnanya
Kamu itu anak siapa
Dimana dong rumahnya

Sahrun itu sebulan
Janubun itu selatan
Bahayanya pergaulan
Nanti bisa kesetanan

Hamamun kamar mandi
Ijlun itu anak sapi
Mohon maaf dari kami
Atas penampilan kami

Firjaunun sikat gigi
Munfaridun sendiri
Istri di tinggal suami
Harus bisa jaga diri

Yadun untuk meraba
Toriqun jalan raya
Hindari itu narkoba
Karena sangat berbahaya

Akhun itu saudara
Na’jatun kambing betina
Biar hidup sederhana
Yang penting tetap setia

Ta’mimu itu merata
Kalau kam itu berapa
Kalau hidup tanpa cinta
Hidup pun terasa hampa

Mikwa itu setrika
Mahjaun itu asrama
Biar suka biar duka
Yang penting tanggung bersama

Jabalun gunung sahara
Mikwa itu setrika
Laki-laki harus usaha
Biar disayang istri

Indaka kamu punya
Jannatun itu surga
Biar harta tidak punya
Iman selalu dijaga

Ro’sun itu kepala
Baroatun merdeka
Jangan suka main gila
Nanti bisa masuk neraka

Mahjun itu asrama
Bayaya itu pepaya
Biar di dunia sengsara
Tapi di akherat bahagia

Qitorun kereta api
Kibrit itu kayu api
Satu cinta yang haqiqi
Kepada illahi robbi

SISINDIRAN
 JASA IBU
Kamar mandi hamamu
Merata itu ta’mimu
Hormatilah ibu kamu
Yang telah melahirkan mu

Tahta itu dibawah
Al’aana itu sekarang
Biar ibu susah payah
Yang penting si anak senang

Farhun itu bahagia
Jismun itu raga
Ibu bisa senyum bahagia
Kalau anak sehat jiwa raga

Nadzofatun itu bersih
Baidun itu putih
Hati ibu bisa sedih
Kalau sianak sedang risih

Dloipun itu tamu
Talimu ngaji ilmu
Biar jadi orang berilmu
Do’a ibu selalu dengan mu

Saotun itu suara
Bayaya itu pepaya
Biar ibu jadi sengsara
Asal anak bisa bahagia

Manjaun itu mangga
Ummun itu nyonya
Habis harta dan tenaga
Untuk perjuangan anaknya
Fakihatun buah labu
Toilet itu hamamu
Awas jangan disakiti ibu
Nanti Alloh melaknatmu

Ustadun itu guruku
Daftarun itu buku
Bapa ibu pejuangku
Pejuang tanpa pamrihku

SISINDIRAN
 PEMUDA MALAS
Lamun beurang teu aya gawe
Dipasantren ngan ukur sare
Da ti peuting gadang wae
Atawa ngintip awewe

Kahade masing waspada
Terutami ka santri ngora
Masantren tong poya-poya
Lamun can bisa ngajina

Lamun balik tara gawe
Di imah ngan ukur sare
Da ti peuting gapleh wae
Atawa neangan awewe

Ari kabogoh geus loba
Papasangan enggeus lila
Rek apel eweh biaya
Belaan ngahutang heula

Kahade masing waspada
Terutami ka pemuda
Hirup ulah poya-poya
Lamun can boga usaha

SISINDIRAN
ISTRI ANU BEJAD IMAN
Seueur dina zaman kiwari
Istri nu ngajual diri
Modalna anu utami
Nyaeta dagang sorabi

Kahormatan di mumurah
Geus eweuh pisan kanyaah
Ngobral cinta engges murah
Lumayan keur meuli ulah

Awewe zaman kiwari
Teu seubeuh lalaki hiji
Sanajan enggeus nini-nini
Ka bujang hayang ka puji

Awewe kudu gumati
Sing bisa ngajaga diri
Ulah pedah payu diri
Susu di tuker kowaci

Sareng ka kulawargina
Ka shohabat sadayana
Sareng ka umat-umatna
Anu tumut ka manteuna

Sim abdi nganggit risalah
Mugi sing janten faidah
Supados jadi pangumbah
Kana manah nu keur goplah

Ieu nadzom ngabantuna
Tina hadits sareng Quran
Muga sing janteun lantaran
Kasepuh sareng nonoman

Ikhwan-ikhwan nu beriman
Dinteun ieu pangaosan
Ulah dugi kakhilapan
Sabab urang kawajiban

SISINDIRAN
PARA SANTRI
Meuli pecin meuli bawang
Reujeung peuteuy tilu papan
Idih isin atuh akang
Kasep-kasep tara netepan

Aduh alim ningal gajah
Upami teu sareng ibu
Abdi alim waka nikah
Upami tacan gaduh elmu


Imah leutik imah bilik
Ayana didesa-desa
Hayang balik-hayang balik
Ngaji jurumiyah teu bisa-bisa

Kamis-kamis jum’at sabtu
Hujan-hujan langlayangan
Geulis-geulis geuning kitu
Unggal bujang dilayanan

Ka cinangsi tumpak taksi
Balikna nyaleuri tuur
Ulah gengsi jadi santri
Nepika ka era ku batur

Jalan-jalan kacileunyi
Sendal butut hayang dipatri
Nyai ulah jadi penyanyi
Lebih baik neng jadi santri

Pak amat miara kuya
Beuki lila beuki loba
Omat ulah ngagulung dunia
Di akherat bisi cilaka

Kapungkur roti di Bandung
Ayeuna di Rancaekek
Kapungkur di rok tiung
Ayeuna katembong kelek

Kembang eros sisi pageur
Dipetik ku anak cina
Abdi naros teu di waler
Nyeurina kabina-bina

Kapinis diadu layung
Macokan kembang kalapa
Nu geulis tara ditiung
 Diasupkeun kana naraka

Terong peot saboboko
Lumayan coel-coeleun
Mojang peot nongtot leho
Lumayan toel-toeleun

Salawe dua puluh lima
Mesin mobil cetna hejo
Awewe zaman ayeuna
Bisa dangdan teu bisa ngejo

Sugan teh ucing sahiji
Sihoreng ekek jeung lalay
Sugan teh ngantuk keur ngaji
Sing horeng kerek jeung ngeulay

Botol limun siga senter
Di eusi cai walungan
Lamun santri anu pinteur
Sok jadi minantu ajengan

Tunggu pare dina saung
Boga cau parab ciung
Kunaon hate teh bingung
Kabandang kunu ditiung

Eta hujan-hujan gerimis
Gula beureum gula manis
Eta saha anu digamis
Geuning rupana manis

Di kemeja di astana
Buntiris dauna kandel
Ngalaga zaman ayeuna
Nu geulis teu bisa nyambel

Ngali liang ngali liang
Ngalana meunang lima
Ngawiwirang-ngawiwirang
Cintana teu ditarima

Agustus salapan dua
Bebeakan neupi ka peuting
Mun teu tulus matak era
Di longokan unggal peuting
Aya bancet dina batu
Anak simeut ekeur moyan
Lain pelet nu teu mampu
Tapi beungeut teu ngidzinan

Kuring hayang peuti beusi
Anu juruna di patri
Kuring hayang ka nyi santri
Anu parantos ngalarti

Timah beunang di ragaji
Di potong sagede pare
Ti imah indit ngaji
Ka kobong ngan ukur sare

SISINDIRAN
LALAKI SLEBOR
Seueur di jaman kiwari
Istri kejeblos lalaki
Padahal geus anak istri
Ari ngakuna bujangan
Ka tiap-tiap nonoman
Padahal atos anakan
Dasar lalaki bajingan

Pameget mah biasana
Ke pedah ganteung rupana
Kabogoh dimana-mana
Bahasana pang payuna

SISINDIRAN
KANGGO ISTRI
Ieu abdi nu duaan
Maksad bade nadzoman
Sareng bade mepelingan
Khususna ka istri pisan

Parawan zaman ayeuna
Kahayangna warna-warna
Pake baju panghadena
Hayang kataksir pamuda

Awewe nu tara eling
Gawena ngan ubrang-abring
Tara pisan make samping
Sok nembong-nembong pingping

Awewe zaman ayeuna
Geus luas make calana
Teu inget laku doraka
Padahal eta teh dosa

Istri di zaman kiwari
Marake lancingan di bis
Awewe make rok mini
Percis pisan teletabis

Tah istri anu kitu laku
Kasalaki nyieun babu
Nunjuk bari dulak-delek
Kasalaki ngajeujeulek

Tah anjeun mah ulah kitu
Bisi Alloh di bendu
Ulah asa aing geulis
Eta teh laku egois

Hayu urang geura tobat
Mungpung can poe kiamat
Mudah-mudahan meunang rahmat
Supaya ulah dilaknat

Wahai para pemudi
Hayu urang ngararaji
Piekun bekel diri pribadi
Pikeun ngabakti kasalaki

Ngan sakieu para istri
Anu geulis ka wanti-wanti
Sisindiran ti sim abdi
Mugi sing enggal ka tampi



SISINDIRAN
AWEWE BANGOR
Maklum awewe ayeuna
Loba nu kurang imana
Wani ngajual diri
Keur nyumponan kahayangna

Awewe dikota-kota
Geus teu aya kaera
Nawarkeun ka bapa-bapa
Anu boga anak dua

Awewe bangor cirina
Sok wani masrahkeun nana
Lamun geus dirayuna
Kana sakabeh dirina

Malem minggu geus tangtu
Anu apel enggeus baku
Kadang-kadang sok di waktu
Mun boga ka bogoh tilu

Dasar mindeung deudeukeutan
Ti peuting paduduaan
Akhirna mah pisan
Sare sa kasur duaan

Bahaya aduh bahaya
Mun pamuda jeung pamudi
Can kawin geus jajap heula
Silih budalkeun ka suka

Kahade mangka kahade
Kasadayana awewe
Hirup ulah kitu bae
Hirup moal ngora bae

Salawe dua puluh lima
Anak buyut momotoran
Awewe zaman ayeuna
Leutik-leutik geus kotoran

Ieu hanya sisindiran
Sebagai alat hiburan
Ulah jadi pikiran
Bisi jadi ngalieuran.
SISINDIRAN
MURANGKALIH BEAR BUDI
Murangkalih bear budi
Lamun kaluar ti bumi
Sok nyuhunkeun heula widi
Ka ibu rama pribadi

Murangkalih bear budi
Mun campur gaul ngahiji
Adab sopan sok di jagi
Tara kawas laku meuri

Ngahormat kasaluhureun
Jeung nyaah kasandapeun
Sesama di peryogikeun
Peunting tara ngarugikeun

Hade laku jeung lampahna
Etamah ka saha-saha
Nu kitu matak bahagia
Di dunia jeung akheratna

Murangkalih bear budi
Pagaweanna sok ngabdi
Ka ibu rama pribadi
Hayang meunang ridlo illahi

Sok hormat ka ibu bapa
Teu hilap guru ngajina
Anu tos pada berjasa
Hingga nepika suksesna

Kumaha atuh kumaha
Abdi kedah ngabalesna
Teu aya daya upaya
Cukup dibalesna ku do’a


Ibu bapak sadayana
Mudah-mudahan sing bahagia
Tina sadaya amalna
Sing bahagia disurgana

Mudah-mudahan ieu kreasi
Sing manfa’at ka pribadi
Oge para hadirin sami
Sing jadi sae ati

SISINDIRAN
VERSI ARAB, SUNDA
(HIRUP LALAWORA)
Asnanun itu gigi
Sirwalun celana
Salamna ka para wargi
Ti abdi sadayana

Ustadun para guru
A’udzu perlindungan
Bapa-bapa ibu-ibu
Mangga abdi barandungan

Milhun eta uyah
Janjamilun eta jahe
Jalma-jalma sok saralah
Kana sok ge talangke

Jaesun eta tentara
Khoddun eta pipi
Kana berjamaah tara
Eleh ku lalajo tivi

Ro’dun eta kilat
Riyaun eta pamer
Iman teh da kudu kuat
Sanajan krisis moneter

Arnabun eta kelinci
Masrobatun inuman
Ti abdimah moal lami
Punten tina kalepatan
KUDU IKHTIAR
Bidoatun dagangan
Ummun eta indung
Ieu abdi nu tiluan
Anu aya dina panggung

Simala kencaeun
Taklidun tiruan
Mangga bae karupingkeun
Abdi bade sisindiran

Jubdatun mentega
Puladun waja
Lalaki tos rumah tangga
Eta kudu arusaha

Kaslanu eta kedul
Wuston jajangkung
Ari dapur kudu ngebul
Matak ulah luntang lantung

Putotun eta tomat
Haddun eta talaga
Kacaroge kudu toat
Engke bisa asup surga

Amsi kamari
Matorun hujan
Istri di zaman kiwari
Loba anu sok ngalawan

Baitun itu bumi
Dalwun timbangan
Ti abdi mah moal lami
Punteun tina kalepatan

ISTRI GORENG AKHLAK
Salam hormat ti sim abdi
Nyanggakeun silaturrahmi
Kanu hadir sami-sami
Pameget sinaring istri

Ieu pepeling sim abdi
Khususna ka istri-istri
Anu garaduh salaki
Sing sae budi pekerti

Masing hormat ka caroge
Ulah royal meredih pake
Tapi talajak nu hade
Budi parangi nu sae

Pami caroge miwarang
Kade istri ulah mumpang
Ulah sok majar kapalang
Ambeh laki rabi awet

Mun caroge tembong susah
Kudu bisa mika nyaah
Ulah kalah nyieun tingkah
Anu heunteu matak ngeunah

Mun caroge matak peuting
Ulah api-api geuring
Ulah dihalangan kusamping
Atawana ku guguling

Sakitu abdi nasehat
Mugia sing manfaat
Diemutkeun masing mapat
Mugia Alloh maparin kiat

GORENG AKHLAK 1
Tafadol eta mangga
Jabalun eta gunung
Ibu-ibu bapak-bapak
Mangga ningali ka panggung

Khotoun eta salah
Tahta haandapeun
Abdi teh da nuju bungah
Da nuju disameunkeun


Finaun eta buruan
Ladidun eta rasa
Loba jalma anu iman
Dalahar bulan puasa

Khofun eta samar
Barqun eta kilat
Ngaheulakeun baju anyar
Ari puasa teu tamat

Aklun eta dahar
Nakotun eta onta
Nu kitu teh atos nyebar
Rek di kota rek didesa

Wazzun eta angsa
Jismun eta raga
Lamun urang sok puasa
Bakal sehat jiwa raga

Sirwalun eta calana
Huwa eta anjeuna
Puasa gede pahalana
Teu apal lianti dzat Allohna

Murrun pait rasana
A’dimun pang ageungna
Hayu urang paruasa
Anu kacida ageungna

Saomun eta puasa
Agniyun orang kaya
Jalma nu tara puasa
Eta teh baturna kuya

Rojabun eta rajaban
Aina eta dimana
Puasa teh kawajiban
Ti Alloh jeung Rosulna

Potatun tomat ngora
Baroatun eta merdeka
Ulah arek lalawora
Koh puasa bari doraka

To’mun itu rasa
Istri eta merdeka
Kahade geura puasa
Kangge bekel akheratna

GORENG AKHLAK 2
Laojun eta kanari
Tahta handapeun
Kasadaya wargi-wargi
Mangga bae karupingkeun

Hinjirun eta bagong
Jabanun eta borangan
Ari budak anu bedegong
Ka kolotna sok ngalawan

Dzohrun eta tonggong
Ro’sun buuk jabrig
Saha nu rambutna gondrong
Eta teh baladna jurig

Yata’lamu di ajar
Dipda’un eta kodok
Pamuda nu kurang ajar
Karesepna kudak kodok

S’adun eta sakulak
Sa’idun eta hasta
Gadis anu teu berakhlak
Ka kabogoh barang penta

Ahdorun eta hejo
Kosirun eta pendek
Kadieu bade lalajo
Kahade tong dinu poek

Malihun eta sari
Dipdaun eta kodok
Komo bahaya keur istri
Bisi etana dikodok

Jahilun eta boloho
Sarokun eta maok
Sawareh jalma boloho
Malam takbir ngadon mabok

Yata’alamu di ajar
Jahilun eta bodo
Batur peurih beuteung lapar
Manehna kalah ngaroko

Layyadun eta ngalongok
Yaddun eta leungeun
Pamuda nu sok mabok
Parawan ge arembungeun

Qobla eta samemeh
Murrun eta pait
Acarana seueur keneh
Atuh abdi bade pamit

GORENG AKHLAK 3
Asnanun eta gigi
Sirwalun eta calana
Salamna ka para wargi
Ti abdi sadayana

Damun eta geutih
Daiman salawasna
Abdi teh kacida sedih
Ningali zaman ayeuna

Birkatun eta kulah
Bahirotun kapal api
Mani hese berjama’ah
Da kalaj lalajo tivi

To’mun eta rasa
Sualun eta batuk
Sok ngantunkeun sholat isya
Kusabab kaburu ngantuk
Ba’idun eta jauh
Hotobun eta suluh
Saha jalma anu lintuh
Eta loba dahar waluh

Nujumun eta bintang
Ku’un pigeulangan
Lamun aya jalma beugang
Eta lieur mikir hutang

Nakdun kudu mayar
Kubkokun eta gamparan
Pamuda nu kurang ajar
Ngan ukur ngala parawan

Jabalun eta gunung
Kuhun eta saung
Istri anu tara ditiung
Eta kudu dilapung

Barqun eta kilat
Dayiqun eta heureut
Pamuda nu kurang ngajar
Karesepna kana haneut

Minsyarub eta ragaji
Hotoun eta eleh
Batur getol kana ngaji
Sawarehna malah gapleh

Jaljalatun eta lini
A’dduwun eta musuh
Ti abdi mah moal lami
Da abdi mah atos tunduh

GORENG AKHLAK 4
Tahta eta handapeun
Masriq eta wetan
Langkung tipayun nepangkeun
Abdi murid sakola Al Quran


Abu sa’rin rambutan
Toriqun eta jalan
Mun hadirin ngaku islam
Sing kersa pangaosan

Jabalun eta gunung
Bagtatun eta boeh
Istri anu tara ditiung
Teu inget kana paeh

Baetun eta imah
Majroatun eta sawah
Awewe zaman ayeuna
Sok marake kolor abah

Ustadun eta guru
Yaminu eta katuhu
Budak tara nyuprih ilmu
Tong pangmeserkeun sapatu

A’waru manuk ceor
Miqosun eta gunting
Ari gadis anu bangor
Eta teh sok liar peuting

Ku’un pigeulangan
Makinatun eta mesin
Ari pamuda nu beugang
Eta teh hayangeun kawin

Dohrun eta tonggong
Muwwajun bengkok
Pamuda anu sok gondrong
Eta teh sok daek mabok

Rijlun eta siku
Udzunun eta cepil
Saha bae anu kitu
Sok dibawa ka koramil

Jaljalatun eta lini
Matbakiatun rantam
Ti abdi moal lami
Da bade jajan ngahutang

GORENG AKHLAK 5
Masjidun eta kaum
Nahrun eta walungan
Assalamu’alaikum
Ti abdi sarerencangan

Siroiyun eta rakit
Towilun eta jangkung
Sanajan masih aralit
Tos tiasa kana panggung

Huwa eta manehna
Barqun eta kilat
Mihape kasadayana
Sing garetol kana sholat

To’amun kadaharan
Kubkokun gamparan
Loba anu ngaku iman
Tapi resep kana haram

Jaddun eta aki-aki
Aina eta dimana
Awewe sareng lalaki
Ayeuna teh tos kumaha

Rowajun buah labu
Sa’atun eta sa jam
Ti abdi mah ngan sakitu
Da bade jajan mie ayam

SISINDIRAN
RUMAH TANGGA
Mijabun pancuran
Fina’un eta buruan
Ieu abdi nu tiluan
Niat bade sisindiran


Tafadhol eta mangga
Jannatun eta surga
Ari dina rumah tangga
Sing akur amih bahagia

Baitun eta imah
Futotun tomat beulah
Lamun keur aya masalah
Eta kudu musyawarah

Agniya eta kaya
Aina eta dimana
Ulah sok parasea
Tak jauh kana rizqi

Manjaun buah mangga
Khomsata ‘asaro salawe
Ulah sok iri katatangga
Eta teh laku teu sae

Toirun eta merpati
Jabalun gunung tinggi
Lalaki sok kudu ngarti
Ongkos dapur leuwih tinggi

Yanbagi eta penting
Maridun eta geuring
Salaki ulah ulin peuting
Engke raga bilih geuring

Yanbagi eta penting
Maridun eta geuring
Ari raga enggeus geuring
Engke matak hese nyaring

Lahmun eta daging
Hamamu eta toilet
Bilih aya randa nyaring
Kahade bilih kapelet

Soratun eta gambar
Ilahun eta Alloh
Hirup eta kudu shobar
Amih di sayang Alloh

Nakdun kudu mayar
Aklun hayu dahar
Makana kudu ikhtiyar
Bisi engke moal dahar

Mindilun sapu tangan
Nas’aluka nyuhunkeun
Hapunteun tina kalepatan
Mugia sadaya ngamanfa’atkeun

RUMAH TANGGA
Mijabun pancuran
Pina’un eta buruan
Ieu abdi nu tiluan
Niat bade sisindiran

Tafadhol eta mangga
Jannatun eta surga
Ari dina rumah tangga
Sing akur amih bahagia

Agniya eta kaya
Aina eta dimana
Ulah sok parasea
Tak jauh kana rizqina

Manjaun buah mangga
Khpmsata ‘asaro salawe
Ulah sok iri ka tatangga
Eta teh laku teu sae

Toirun eta merpati
Jabaluin gunung tinggi
Lalaki sok kudu ngarti
Ongkos dapur leuwih tinggi

Yanbagi eta penting
Maridun eta geuring
Salaki ulah ulin ti peuting
Engke raga bilih geuring

PEPELING DIRI
Ku bismillah di kawitan
Kuring ngadamel sya’iran
Rohmat salam ka jungjunan
Nabi Muhammad panutan

Dulur-dulur ikhwan-ikhwan
Geura eling kapangeran
Sabab zaman beuki edan
Kababawa ku syetan

Gogoda di akhir zaman
Lamun urang teu mageuhan
Mageuhan iman jeung islam
Bakal kabawa arus zaman

Zaman ieu rupa-rupa
Awewe make calana
Lalaki buuk jabrig
Nyeples pisan jiga jurig

Memang wanita ayeuna
Teu aya pisan ka era
Buka orat geus biasa
Nnurutan bangsa Erofa

Lamun numpak dina beca
Komo dipasar balanja
Lamun nagog terang nyata
Alat nu kedah dijaga

Awewe zaman ayeuna
Geus dicabut kaerana
Bebas marake calana
Ka lalaki wani nanya

Istri nganggo acuk kutang
Calana jero nembongan
Teu aya karempan pisan
Najan dilaknat ku pangeran
Malahan ayeuna istri
Sanajan geus boga salaki
Wani bobogohan deui
Teu sieun robbul ‘izzati

Dina isro mi’raj nabi
Nabi ningal nini-nini
Sanajan rupa geus peot
Tapi dandan mani seyot

Nabi naros malaikat
Conto naon kitu sifat
Saur malaikat jibril
Eta teh dunya nu centil

Mudah-mudahan manfaat
Didunya jeung diakherat
Urang tutup ku sholawat
Salamet dunya akherat

Urang tutup ku sholawat
Ka nabi panutan umat
Semoga kenging syafaat
Didunia jeung akherat