Sabtu, 06 Juni 2015

RIADLOHAN PONDOK PESANTREN AL HASAN
K.H. Didin Najmudin                                                                                                                       Sabtu, 06 Juni 2015
Persiapan Mayunan Ramadlan
Bulan ramadlan mangrupakeun bulan anu pinuh kukabarokahan, datangna bulan ramadhan kudu ngajadikeun motivasi kana diri pikeun ningkatkeun ka ibadah., karena dina eta bulan alloh ngalungsurkeun pirang-pirang kabarokahan, maka ti eta  hal urang sadayana perlu persiapan anu bener-bener dina nyambut datangna bulan ramadhan.
1.       Persiapan kahijina nyaeta fisik anu kuat.
2.       Persiapan kaduana nyaeta mental pikeun ningkatkeun ibadah
Dua hal eta sangat dibutuhkeun ayana dina awak urang, ngajadikeun peranan penting dina ngalaksankeun ibadah dina bulan ramadhan. Margi dina bulan ramadhan seer kautamaan-kautamaan jeung kajadian anu teu terjadi dibulan-bulan sejen, diantawisna :
1.       Diwajibkeun nana puasa
2.       Diturunkeun nana Al Quran
3.       Turunna Lailatul Qadr
4.       Dihampurana dosa
5.       Dilipat gandakeun nana ganjaran ibadah
6.       Diwajibkeun nana zakat fitrah