Kamis, 29 Oktober 2015

Riyadlohan                                                                                                                                  Kamis, 29 Oktober 2015
KH. Moch. Syarif Hidayat
Kabahagiaan pikeun jalma anu iman
Jalma anu bakal meunang kabahagian nyaeta jalma anu mampu nguasaan dirina,ku akal sehatna jalma bisa ngelehkeun hawa nafsu.
Genep tingkatan anu bakal meunangkeun surga firdausna Alloh, diantarana nyaeta :
1.       Jalma anu khusu dina sholatna
2.       Jalma anu nyingkahan tina kagorengan
3.       Jalma anu sok mikeun zakat
4.       Jalma anu sok ngajaga kahormatan dirina, kajaba kanu hak
5.       Jalma anu sok ngajaga kana amanah
6.       Jalma anu sok ngajaga jeung nyampurnakeun sholat


Kamis, 22 Oktober 2015

Kamis, 22 Oktober 2015
Riyadlohan Pondok Pesantren Al Hasan
KH. Moch. Syarif Hidayat
Dawuhan Rosululloh SAW
اَلْمُؤْمِنُ الْقَوِيُّ خَيْرٌ وَأُحِبُّ اِلَى اللهِ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ ضَعِيْفِ وَفِيْ كُلِّ خَيْرٌ اِحْرِسْ عَلٰى مَا يَنْفَعُكَ وَاسْتَعِنْ بِاللهِ
Seorang mukmin anu kuat leuwih alus jeung leuwih dipicinta ku Alloh, tinimang mukmin anu leumah. Jeung dina diri masing-masing aya kahadean maka usahakeun ku anjeun kudu sungguh-sungguh dina migawe anu manfaat pikeun anjeun, kudu menta tulung anjeun ka Alloh jeung ulah jadi jalma anu leumah.
Lamun kakenaan ku musibah maka ulah nyarita “lamun kuring kieumah pasti hasilna kieu”, tapi urang kudu nyarita sagala anu ditakdirkeun  ku Alloh pasti jadi saenyana, ucapan, lamunan eta jadi cukang lantaran pikeun datangna syetan kadiri urang.
Kesimpulan tina hadits diluhur :
1.       Kudu bisa ngabentuk manusa pikeun jadi mukmin anu berkualitas jasmani sarta rohani
2.       Mukmin anu berkualitas bakal mampu ngendalikeun hawa nafsu pikeun ta’at jeung berbuat anu sakira manfaat pikeun dirina jeung anu sejen
3.       Mukmin berkualitas imanna pasti bisa ngagabungkeun usaha lahir jeung bathin, sarta menta tulung ka Alloh

4.       Mukmin anu berkualitas nalika ditimpa musibah pasti berusaha pikeun ngubaran jeung masrahkeun diri kana takdir Alloh, bari teu aya penyesalan