Sabtu, 29 November 2014

AN NAHL 97



Riyadoh, 29 Nov 2014                                                                                                     KH. Moch. Syarif Hidayat
Dua hal janji Alloh pikeun jalma anu amal barina dibarengan ku kaimanan, sakumaha dawuhan Alloh dina Al Quran surat An Nahl ayat 97
مَنْ عَمِلَ صَالِحًا مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثَى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ
Saha jalma anu migawe amal sholeh ti lalaki atawa ti awewe bari dibarengan jeung kaimanan tegesna percaya jeung satiap anu amal bakal diganjar, anu maksiat bakal meunang dosa. Maka eta jalma bakal dibere kahirupan ku Alloh ku kahirupan nu alus jeung bakal meunang  ganjaran diakherat kunu leuwih alus tinimang anu dipigawena.
Sabalikna manusa anu tara amal sholeh jeung teu percaya kana ayana balasan maka eta jalma bakal meunang kasusah jeung kapayahan sabab manehna leuwih mentingkeun dunia daripada kasenengan akherat.
Ulah soteh nyieun amal anu tanpa aya dasar, atawa amal tapi didasarkeun kana kalaziman atawa kabiasaan, tanpa dibarengan jeung kaimanan. Disebut amal soleh lamun eta amal bari dibarengan ku kaimanan sarta didasarkeun kana tuntunan anu dianjurkeun ku nabi Muhammad SAW, anu sesuai jeung parentah Alloh.
Dua hal anu dijanjikeun ku Alloh nyaeta
1.       فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً
bakal dibere kahirupan anu alus, hirup anu alus nyaeta hirup dialam dunia narimakeun kana ketentuan/ketetapan ti Alloh.
2.       وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ
Alloh bakal ngabales, kalawan balesan anu leuwih loba tibatan amal anu dipigawena.

Sabtu, 22 November 2014

la'nat dunya pikeun jalma


Riyadhohan                                                                                         22 November 2014
KH. Muhammad Syarif Hidayat
اَلَااِنَّ الدُّنْيَامَلْئُوْنَةٌمَلْعُوْنُنْ مَافِيْهِ اِلَّاذِكْرُاللهِ وَاَمْوَالَهُمْ وَعَالِيْمٌ اَوْمُتَعَلِّمٌ
Inget yen dunya teh dilaknat ku Alloh jeung sakabeh anu aya dijerona, kajaba tilu golongan jalma, nyaeta :
1.      Jalma anu eling ka Alloh jeung anu dipagaweanna matak ngadeketkeun ka Alloh jeung ngajauhan anu dilarang ku Alloh.
Teu bisa ngalaknat dunya mun urangna cicing dialam dunya ieu bari dibarengan ku kahusuan dina hal ibadahna, katawaduan amal sapopoena,anu tujuan nana pikeun nanjerkeun agama Alloh. Harta bisa jadi meunang ridhona Alloh mun urang anu neangan kana eta harta bari dibarengan ku eling ka Alloh, tuluy hasil tina eta harta ku urang di amalkeun dina jalanna Alloh.
2.      Jalma anu ‘alim anu ngabogaan elmu manfaat.
Jalma anu ‘alim hirupna lir ibarat cahaya, anu mana ku eta cahaya bisa mere caang sok sanajan ka tempat anu poek kacida, jalma anu ‘alim cahaya tetep manceuran sok sanajan anjeunna tos dipendem.
3.      Jalma anu nyuprih ilmu agama Alloh.
Sakumaha ceuk katerangan anu ditukil tina kitab Sulamuttaufiq “ciri ahli elmu nyaeta moal ngarasa bosen kana elmu sok sanajan geus ngulang 1000x” kusaking perluna jalma kana elmu seer hadits nerangkeun tentang pentingna nyuprih elmu, salah sawiosna nyaeta anu hartosna “teangan elmu sok sanajan antara anjeun jeung elmu aya lautan seuneu”
Hadits diluhur nerangkeun kudu kumaha carana urang sareng dunya (harta banda). Sabab teu sakabeh anu aya dialam dunya eta dila’nat, jeung oge teu sakabeh dunya (harta banda) bisa ngajamin kana salamet tina penderitaan hirup.
Jalma anu hirup pastina mika butuh kana harta banda, sagala jalan bakal ditempuh pikeun meunangkeun kana eta harta erek eta kujalan anu halal atawa haram, lamun meunangkeun kadunyaan kujalan anu halal tuluy hartana disalurkeun dina jalan Alloh maka bakal dibales ku Alloh ku limpahan pahala, tapi sabalikna mun meunangkeun kadunyaan nana kujalan anu haram bari disalurkeun dina jalan anu teu dipika ridlo maka bakal meunang limpahan dosa.
Ngan oge urang ulah sok moyok kana dunya sakumaha ceuk katerangan “ulah moyok kana dunya (harta), sabab dunya (harta) teh pang alus-alusna kendaraan pikeun mukminin, kuayana dunya (harta) urang bisa nyieun kahadean, jeung bakal salamet tina kagorengan”
Lamun aya bahasa urang dunya ngan saukur jadi pang la’nat, maka Alloh bakal ngala’nat kaeta manusa, sabab geus nyieun hiji pama’siatan, da nu dila’nat ku Alloh lain dunya (harta) tapi kama’siatan anu aya dijerona.   

Kamis, 16 Oktober 2014

TAFSIR SURAT AL HAJJ



Tafsir                                                                                                                                     Al Hasan, 16 Oktober 2014
KH. Muhammad Syarif Hidayat
Q.S Al Hajj Ayat 1-2
يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ إِنَّ زَلْزَلَةَ السَّاعَةِ شَيْءٌ عَظِيمٌ (١) يَوْمَ تَرَوْنَهَا تَذْهَلُ كُلُّ مُرْضِعَةٍ عَمَّا أَرْضَعَتْ وَتَضَعُ كُلُّ ذَاتِ حَمْلٍ حَمْلَهَا وَتَرَى النَّاسَ سُكَارَى وَمَا هُمْ بِسُكَارَى وَلَكِنَّ عَذَابَ اللَّهِ شَدِيدٌ
Terjemah
1.      Wahai manusa kudu taqwa anjeun ka Alloh, saenyana goncangan dina poe qiyamat eta hiji kajadian anu dahsat.
2.      Inget dina poean eta aranjeun ningal goncangan maka parohoeun sakabeh istri anu keur nyusuan budakna, jeung ngadadak gugur ngalahirkeun kandungan sakabeh istri anu hamil. Jeung anjeun nempo kaayaan manusa saperti keur mabok padahal maranehna teu mabok tapi azab Alloh anu pohara.

Penjelasan
Surat Al Hajj turun kanabi Muhammad di mekah, maka dinamian ieu surat ku surat Makiyyah, tapi aya sababaraha ayat anu aya dina surat Al Hajj anu kalebet kana surat Madaniyah nyaeta ayat 52,53,54,55. Dina leubeut surat Al Hajj nerangkeun dalil-dalil tentang tanda-tanda qiyamat, aya oge parentah Alloh anu leubeutna Alloh marentahkeun kanabi Ibrohim supados ngalaksankeun ibadah haji, aya oge ngajelaskeun mengenai perang sareng kehancuran kaum dholimin.

Sabtu, 11 Oktober 2014

HAL-HAL ANU ALUS DIPIGAWE



Riadlohan                                                                                                      Al Hasan, 11 Oktober 2014
KH. Didin Najmudin
4 perkara anu alus dipuji didunia jeung diganjar diakherat, tapi aya 4 perkara deui anu leuwih alus, diantarana :
1.       Bogana rasa ka era di lalaki eta alus, tapi bogana rasa ka era di awewe eta leuwih alus.
2.       Adil ti satiap jalma eta alus, tapi adilna ti pamarentah eta leuwih alus.
3.       Tobatna ti jalma anu kolot eta alus, tapi tobatna ti anu masih ngora eta leuwih alus.
4.       Berehan ti jalma anu benghar eta alus, tapi berehan ti jalma anu fakir eta leuwih alus.
Kasauran Ibn Qayyim aya 10 hal anu nyebabkeun ayana rasa ka era, nyaeta :
1.       Era karena ngalanggar aturan, saperti rasa isin na nabi Adam karena ngalanggar aturan Alloh nyaeta nuangna buah Kholdi.
2.       Era karena kurangna sungguh-sungguh saperti ngaraos isin na para malaikat anu sok ibadah ka Alloh, dina poean kiamat nyarios ngarumaoskeun dirina kurang sungguh-sungguh dina ngajalankeun ibadah ka Alloh, tur padahal malaikat mangrupakeun mahluk Alloh anu taat kana anu diparentahkeun ku Alloh bari tara ngalakonan dosa, beda sareng manusa.
3.       Era karena ngahormat saperti isinna Amr Bin Ash ka Nabi, anjeunna teu  wantun netep kana rarayna Nabi dina waktos anu lami, sabab dina sateu acanna islam anjeunna sangat mika benci ka rasul, begitu islam anjeunna janten mika cinta ka rasul langkung-langkung tinu sanesna, maka tina hal eta anjeunna teu wasa natap raray rasul dina waktos anu lami.
4.       Era karena ngamulyakeun saperti isin nabi Muhammad ka para tamu dina waktos anjeun na walimatul ‘urs ka Siti Jenab. Dina waktos eta tamu sumping teu enggal-enggal mulang tina acara nikahan Nabi, kanjeung Nabi teu wantun miwarang ka para tamu supados mulang, tapi Nabi ngahormat ka para tamuna.
5.       Era pedah kakarabatan sapertos isinna Sayyidina Ali, nalika bade naroskeun hukumna cai madi ka nabi, anu mana dina waktos eta Sayyidina Ali janteun suami Siti Fatimah mantuna nabi, akhirna Sayyidina Ali miwarang kasahabat nu sanes pikeun naroskeun hal anu janten unek-unek dina pangemut anjeunna.
6.       Era karena ngarasa hina jeung leutik saperti erana seorang hamba ka Alloh.
7.       Era karena cinta saperti erana papanggih jeung anu dipikaresep.
8.       Era dina raraga ibadah ngarasa diri teu bisa ibadah saperti kakuduan anu tos ditangtoskeun atawa teu bisa sampurna dina ngalaksanakeun ibadah.
9.       Era karena bogana kamulyaan, kadudukan jeung harga diri, saperti isin anu muncul tina ti seseorang anu gawe hade , tapi sesuai jeung kakuduan nana. Contona saperti jalma benghar mere sodaqoh ngan nilaina leutik, teu sesuai jeung harta anu dipimilikna.
10.   Era kadiri sorangan, era anu saperti kieu mangrupakeun rasa era anu ngabogaan jiwa mulya, era kadiri sorangan kulantaran teu bisa gawe hade pikeun dirina sorangan.