Sabtu, 29 November 2014

AN NAHL 97



Riyadoh, 29 Nov 2014                                                                                                     KH. Moch. Syarif Hidayat
Dua hal janji Alloh pikeun jalma anu amal barina dibarengan ku kaimanan, sakumaha dawuhan Alloh dina Al Quran surat An Nahl ayat 97
مَنْ عَمِلَ صَالِحًا مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثَى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ
Saha jalma anu migawe amal sholeh ti lalaki atawa ti awewe bari dibarengan jeung kaimanan tegesna percaya jeung satiap anu amal bakal diganjar, anu maksiat bakal meunang dosa. Maka eta jalma bakal dibere kahirupan ku Alloh ku kahirupan nu alus jeung bakal meunang  ganjaran diakherat kunu leuwih alus tinimang anu dipigawena.
Sabalikna manusa anu tara amal sholeh jeung teu percaya kana ayana balasan maka eta jalma bakal meunang kasusah jeung kapayahan sabab manehna leuwih mentingkeun dunia daripada kasenengan akherat.
Ulah soteh nyieun amal anu tanpa aya dasar, atawa amal tapi didasarkeun kana kalaziman atawa kabiasaan, tanpa dibarengan jeung kaimanan. Disebut amal soleh lamun eta amal bari dibarengan ku kaimanan sarta didasarkeun kana tuntunan anu dianjurkeun ku nabi Muhammad SAW, anu sesuai jeung parentah Alloh.
Dua hal anu dijanjikeun ku Alloh nyaeta
1.       فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً
bakal dibere kahirupan anu alus, hirup anu alus nyaeta hirup dialam dunia narimakeun kana ketentuan/ketetapan ti Alloh.
2.       وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ
Alloh bakal ngabales, kalawan balesan anu leuwih loba tibatan amal anu dipigawena.

1 komentar:

  1. review my blog..
    dedeh1201.blogspot.com
    dedehsopuro.blogspot.com

    BalasHapus