Riyadhohan 22
November 2014
KH. Muhammad Syarif Hidayat
اَلَااِنَّ الدُّنْيَامَلْئُوْنَةٌمَلْعُوْنُنْ
مَافِيْهِ اِلَّاذِكْرُاللهِ وَاَمْوَالَهُمْ وَعَالِيْمٌ اَوْمُتَعَلِّمٌ
Inget yen dunya teh dilaknat ku Alloh jeung
sakabeh anu aya dijerona, kajaba tilu golongan jalma, nyaeta :
1. Jalma anu eling ka Alloh jeung anu dipagaweanna matak
ngadeketkeun ka Alloh jeung ngajauhan anu dilarang ku Alloh.
Teu bisa ngalaknat dunya mun urangna cicing dialam dunya ieu bari
dibarengan ku kahusuan dina hal ibadahna, katawaduan amal sapopoena,anu tujuan
nana pikeun nanjerkeun agama Alloh. Harta bisa jadi meunang ridhona Alloh mun urang
anu neangan kana eta harta bari dibarengan ku eling ka Alloh, tuluy hasil tina
eta harta ku urang di amalkeun dina jalanna Alloh.
2. Jalma anu ‘alim anu ngabogaan elmu manfaat.
Jalma anu ‘alim hirupna lir ibarat cahaya, anu mana ku eta cahaya bisa mere
caang sok sanajan ka tempat anu poek kacida, jalma anu ‘alim cahaya tetep
manceuran sok sanajan anjeunna tos dipendem.
3. Jalma anu nyuprih ilmu agama Alloh.
Sakumaha ceuk katerangan anu ditukil tina kitab Sulamuttaufiq “ciri ahli
elmu nyaeta moal ngarasa bosen kana elmu sok sanajan geus ngulang 1000x”
kusaking perluna jalma kana elmu seer hadits nerangkeun tentang pentingna
nyuprih elmu, salah sawiosna nyaeta anu hartosna “teangan elmu sok sanajan
antara anjeun jeung elmu aya lautan seuneu”
Hadits diluhur nerangkeun kudu kumaha carana urang sareng dunya (harta
banda). Sabab teu sakabeh anu aya dialam dunya eta dila’nat, jeung oge teu
sakabeh dunya (harta banda) bisa ngajamin kana salamet tina penderitaan hirup.
Jalma anu hirup pastina mika butuh kana harta banda, sagala jalan bakal
ditempuh pikeun meunangkeun kana eta harta erek eta kujalan anu halal atawa
haram, lamun meunangkeun kadunyaan kujalan anu halal tuluy hartana disalurkeun
dina jalan Alloh maka bakal dibales ku Alloh ku limpahan pahala, tapi sabalikna
mun meunangkeun kadunyaan nana kujalan anu haram bari disalurkeun dina jalan
anu teu dipika ridlo maka bakal meunang limpahan dosa.
Ngan oge urang ulah sok moyok kana dunya sakumaha ceuk katerangan “ulah moyok
kana dunya (harta), sabab dunya (harta) teh pang alus-alusna kendaraan pikeun
mukminin, kuayana dunya (harta) urang bisa nyieun kahadean, jeung bakal salamet
tina kagorengan”
Lamun aya bahasa urang dunya ngan saukur jadi pang la’nat, maka Alloh bakal
ngala’nat kaeta manusa, sabab geus nyieun hiji pama’siatan, da nu dila’nat ku
Alloh lain dunya (harta) tapi kama’siatan anu aya dijerona.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar