Riyadloh 04 juli 2014
KH. Moch. Syarif Hidayat
Dawuhan Alloh dina surat Al Fathir ayat 29
إِنَّ الَّذِينَ يَتْلُونَ كِتَابَ اللَّهِ وَأَقَامُوا
الصَّلاةَ وَأَنْفَقُوا مِمَّا رَزَقْنَاهُمْ سِرًّا وَعَلانِيَةً يَرْجُونَ
تِجَارَةً لَنْ تَبُورَ
Maksud tina ayat diluhur eta nyaeta, aya tilu perkara transaksi jeung Alloh
atawa niaga jeung Alloh anu moal panggih jeung karugian, kunaon disebut
berniaga pedah aya bahasa تِجَارَةً
لَنْ تَبُورَ Diantarana nyaeta :
1.
يَتْلُونَ كِتَابَ اللَّهِ
Jalma anu daek maca
kitab Alloh, macana eta Al Quran ek apal atawa henteuna kana arti, makna atawa
maksud ayat eta ngajadikeun meunangna pahala. Maca bari teu apal kana arti kana
ayat anu dibaca bakal meunang pahala, komo deui mun apal kana arti jeung maksud
eta ayat bakal ngarasakeun yen Al Quran teh mangrupakeun pedoman jang
kahirupan.
Kakuduan urang nyaeta
ayeuna kudu apal kana arti jeung makna anu aya dina Al Quran, supaya bisa
ngarasakeun Al Quran ngajadikeun pedoman pikeun kahirupan sapopoe, cara anu
alus dina maca Al Quran lain ku sora anu alus, tapi ku bener macana anu sesuai
jeung kakuduan ceuk ilmu tajwid jeung makhorijul khurufna. Jalma anu rajin maca
Al Quran bakal meunang katenangan dina jiwana, sok sanajan kaayaan nana dina
ker payah.
Sakumaha ceuk
katerangan aya opat golongan anu dirindukan ku surga
a.
Jalma anu maca Al Quran
b.
Jalma anu ngajaga kana
lisan
c.
Jalma benghar anu sok
berehan, baik eta hartana, waktuna, tanagana, oge pamikiran nana.
d.
Jalma anu puasa dina
bulan ramadhan
Manfaat
anu bakal dipimilik tina seringna maca kana ayat-ayat Alloh :
·
Jadi ibadah
kumacana
·
Mawa katenangan
kana jiwa
·
Maca Al Quran
kaasupkeun kana golongan jalma anu dipikarindu kusurga
2. وَأَقَامُوا الصَّلاةَ
Jalma anu tara
ninggalkeun kana sholat
3. وَأَنْفَقُوا مِمَّا رَزَقْنَاهُمْ سِرًّا وَعَلانِيَةً
Jalma anu sok
ngainfakkeun tina sabagian rizki anu di paparinkeun ku Alloh, etamah ek kucara
susulumputan atawa nemrak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar