Kamis, 13 Agustus 2015



RIYADLOH                                                                                                                                            13 AGUSTUS 2015
KH. MOCH. SYARIF HIDAYAT
Pidawuh Alloh dina Al Quran surat Al Baqoroh ayat 286,

لَايُكَلِّفُ اللَّهُ نَفْسًا إِلَّا وُسْعَهَالَهَا مَا كَسَبَتْ وَعَلَيْهَا مَا اكْتَسَبَتْ ۗ رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِينَا أَوْ أَخْطَأْنَا ۚ رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَا ۚ رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهِ ۖ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا ۚ أَنْتَ مَوْلَانَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ

Aya tujuh permohonan ka Alloh pikeun kamanfaatan didunia jeung diakherat, diantarana nyaeta :
رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِينَا أَوْ أَخْطَأْنَا .۱
Mugi gusti ulah nyiksa tina hilap jeung kalepatan abdi.
Ari kodratna manusa nyaeta antara poho jeung salah, maka dina ayat nu luhur manusa meredih ka alloh supaya disinglarkeun tina poho jeung salah, dua hal eta anu matak ngajauhkeun diri manusa ka Alloh, anu dingaranan poho lain ayana kudihaja,tapi aya poho datangna t karasa, lamun jalma ngahaja-haja poho maka hukumna dosa.
رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَ .۲
Mugi gusti ulah masihan beban anu berat kadiri abdi saperti beban berat ka jalma-jalma sateuacan abdi.
رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهِ .٣
Mugi gusti ulah masihan beban anu abdi teu kiat
وَاعْفُ عَنَّا .٤
Mugi gusti ngahampunten kana dosa anu pakait jeung papada manusa
وَاغْفِرْ لَنَا .٥
Mugi gusti ngahampunteun dosa anu langsung hubungan jeung gusti
وَارْحَمْنَا .٦
Mugi gusti mika nyaah ka abdi kurohmat gusti
فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ .٧
Mugi gusti nulungan ka abdi bisa ngelehkeun ka kafirin dina sagala hal, utamina :
a.       Segi Aqidah
b.      Segi Elmu
c.       Segi Kakuatan
d.      Segi Harta
e.       Segi Kasemangetan dina perjuangan
Dua ayat terakhir tina surat Al Baqoroh dicandak tina gudang ‘Arasy, saha jalma anu sering maca kana dua ayat terakhir surat Al Baqoroh, maka bakal dicukupkeun kabutuhna (dunia jeung akherat)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar