Sabtu, 27 September 2014

Panyakit Hate



Riyadloh  27 september 2014
KH. Nizar Muhammad Fasya
5 panyakit hate nu jadi panghalang kana meunangna predikat sholeh
Sadaya jalma nu aya dialam dunya hoyong jadi jalma soleh, jalma baragajul oge ngaharepkeun turunan anu soleh, komo deui jalma anu soleh pasti na ngarep turunan anu soleh, sakumaha do’a anu sok di dawankeun nana
رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا
Ku kasolehan jadi jalan kana kengingna karuniana Alloh, maka tina hal eta urang kudu pinter-pinter ngajauhan hal anu matak ngajauhkeun kana meunangna predikat soleh, diantara anu matak ngajauhkeun kana predikat soleh nyaeta :
1.       Ngarasa betah dina kabodoan, utamana ngarasa betah dina kabodoan hal agama, leuwih ngautamakeun kana perkara dunya sedengkeun agama ditoler-toler, aya hiji dawuhan nabi nu nyebatkeun
 إن الله يبغض كل عالم فى الدنيا وجهل فى الاخرة
Hartosna : Alloh bendu ka jalma anu pinter dina hal dunya, tapi bodo dina agama
Katerangan hadits anu sejenna nyebatkeun
“Bakal datang hiji zaman kaumat kami, dimana eta zaman jalma bakal ngajauhan ka para ulama, maka Alloh bakal nurunkeun tilu cocoba, diantara : bakal dibere pamimpin anu dholim, moal aya kabarokahan dina usaha anu dilampahan nana, iman jeung islamna moal kabawa maot ”
Pribahasa nyebatkeun bodo jalanna kasalahan.
2.       Serab kana haliyah dunya bakal mohokeun kana tugas sabenerna urang di alam dunya, ngarasa teu cukup kana rizki anu tos dipasihkeun ti Alloh.
Ngarasa kurangna kahirupan dunya utamana harta bakal mohokeun kana ibadah, kawajiban,sahingga ngajadikeun jalma anu teu bisa sukuran kana ni’matna Alloh.
Sakumaha pidauh Alloh

وَلَا تَمُدَّنَّ عَيْنَيْكَ إِلَىٰ مَا مَتَّعْنَا بِهِ أَزْوَاجًا مِنْهُمْ زَهْرَةَ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا لِنَفْتِنَهُمْ فِيهِ ۚ وَرِزْقُ رَبِّكَ خَيْرٌ وَأَبْقَىٰ
وَأْمُرْ أَهْلَكَ بِالصَّلَاةِ وَاصْطَبِرْ عَلَيْهَا ۖ لَا نَسْأَلُكَ رِزْقًا ۖ نَحْنُ نَرْزُقُكَ ۗ وَالْعَاقِبَةُ لِلتَّقْوَىٰ
3.       Koret kana harta anu dipimilik karena ngarasa meunangna harta kujalan usaha sorangan lain karena pamasih ti Alloh
4.       Riya, ibadah jeung amal hayang ditilai kubatur, lain karena Alloh ngalaksanakeun ibadahna. Lamun aya anu muji kaurang karena ibadah atawa amal, maka urang ulah ngarasa pang hadena tapi urang jawab ku أللهم ثبت حمدك mugi gusti netepkeun kana pujian gusti
5.       Ngarasakeun diri anu pang-pangna (Takabur), padahal takabur mangrupakeun sifat na syetan, sakumaha pidauh Alloh dina Al Quran
قَالَ مَا مَنَعَكَ أَلا تَسْجُدَ إِذْ أَمَرْتُكَ قَالَ أَنَا خَيْرٌ مِنْهُ خَلَقْتَنِي مِنْ نَارٍ وَخَلَقْتَهُ مِنْ طِينٍ

Kamis, 25 September 2014

Q.S At Taubat 71

وَالْمُؤْمِنُونَ وَالْمُؤْمِنَاتُ بَعْضُهُمْ أَوْلِيَاءُ بَعْضٍ ۚيَأْمُرُونَ بِالْمَعْرُوفِ وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَيُقِيمُونَ الصَّلَاةَ وَيُؤْتُونَ الزَّكَاةَ وَيُطِيعُونَ اللَّهَ وَرَسُولَهُ ۚأُولَٰئِكَ سَيَرْحَمُهُمُ اللَّهُ ۗإِنَّ اللَّهَ عَزِيزٌ حَكِيمٌ
Dan orang-orang yang beriman, lelaki dan perempuan, sebahagian mereka (adalah) menjadi penolong bagi sebahagian yang lain. Mereka menyuruh (mengerjakan) yang ma`ruf, mencegah dari yang mungkar, mendirikan sembahyang, menunaikan zakat, dan mereka ta`at kepada Allah dan Rasul-Nya. Mereka itu akan diberi rahmat oleh Allah; sesungguhnya Allah Maha Perkasa lagi Maha Bijaksana.
aya 5 sifat kaum mukminin anu sacara khusus ngabedakeun jeung kaum munafikin :
  1.  dirina sok ngalakonan kahadean sok ngajak jeung marentah kanu sejen يَأْمُرُونَ بِالْمَعْرُوفِ
  2.  dirina sok ngajauhan tina kamungkaran, sok nyegah kanu sejen tina kamungkaran
    وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ
  3. وَيُقِيمُونَ الصَّلَاةَ sok ngalaksanakeun sholat bari berupaya nyampurnakeun kana sholat, kucara meresan prak-prakan sholat, jeung berusaha khusu ikhlas dina ngalaksanakeunnana
  4. sok ngaluarkeun zakat, anu diwajibkeun jeung infaq, shodaqoh secara sukarela وَيُؤْتُونَ الزَّكَاةَ
  5.  terus menerus ngalaksanakeun kata'atan ku ninggalkeun sagala anu dilarang jeung ngalaksanakeun anu diparentah ku Alloh وَيُطِيعُونَ اللَّهَ وَرَسُولَهُ
anu ngabogaan 5 sifat anu eta Alloh janji bakal maparin Rahmat didunia jeung di akherat
aya 7 rupa hal anu ngajadikeun gudang kahadean, anu hiji-hijina dina nu 7 kudu dibarengan jeung kaikhlasan, sakumaha anu tertera dina Al Quran, diantarana nyaeta :
  1. ikhlas dina ibadah
  2. gawe hade kanu jadi indung bapa
  3. manjangkeun tali silaturrahmi jeung papada
  4. ngalaksankeun kana amanat
  5. ulah turut ka saurang oge, anu nuduhkeun kana jalan kagorengan
  6. ulah ngalakonan amal hade, bari dibarengan ku hawa nafsu
  7. berjuang dina ngalaksanakeun taat ka Alloh, sieun kana azabna Alloh sarta ngaharep pahala anu bakal dipasih ku Alloh.


TAFSIRAN                                                                                                                    AL HASAN, 25 SEPTEMBER 2014
KH. Ilan Muhammad Fauzan
Q. S. Al Anbiya 101-104
لا يَسْمَعُونَ حَسِيسَهَا وَهُمْ فِي مَا اشْتَهَتْ أَنْفُسُهُمْ خَالِدُونَ (١٠٢)لا يَحْزُنُهُمُ الْفَزَعُ الأكْبَرُ وَتَتَلَقَّاهُمُ الْمَلائِكَةُ هَذَا يَوْمُكُمُ الَّذِي كُنْتُمْ تُوعَدُونَ (١٠٣)يَوْمَ نَطْوِي السَّمَاءَ كَطَيِّ السِّجِلِّ لِلْكُتُبِ كَمَا بَدَأْنَا أَوَّلَ خَلْقٍ نُعِيدُهُ وَعْدًا عَلَيْنَا إِنَّا كُنَّا فَاعِلِينَ
Hartosna :
101.     Saenyana jalma-jalma anu geus aya pikeun maranehna katangtuan anu alus ti kami, maranehna dijauhkeun tina naraka.
102.     Maranehna teu ngadangu kana sora anu aya tina naraka jahanam, jeung maranehna abadi dina ngalap kanikmatan anu dipikahayang ku maranehna.
103.     Maranehna teu ngarasa sedih ku karewasan anu gede (poe kiamat) jeung maranehna disambut ku para malaikat (bari ngucap : ieu poean anu geus dijanjikeun pikeun aranjeun).
104.     Nyaeta dina poe Kami nilepkeun langit saperti nilepkeun ngamimitian dina mimiti nyiptakeun, nyakitu kami bakal ngabalikeun deui, eta janji anu pasti dilakonan ku Kami, saenyana Kami bakal ngalaksanakeunnana.
Penjelsannana
Sakumaha dina ayat anu sateuacanna netelakeun masalah ka ayaan dina naraka pikeun jalma anu loba amal gorengna salagi di alam dunia na.
Dina ayat anu ieu ngajelaskeun gambaran pikeun jalma anu iman anu dibarengan ku ka ikhlasan anu bakal meunang kanikmatan surga kalayan salawasna.
Kanikmatan-kanikmatan anu bakal dipaparinkeun ku Alloh pikeun jalmi anu iman anu asup kana surgana Alloh :
1.       Jalma anu iman tur sholeh dina surgana moal ngadangukeun jeritan jalma anu aya dina naraka.
2.       Para penghuni surga aya dina kabagjaan, dina sorgana bakal meunang kanikmatan anu salawasna.
3.       Jalma anu iman dina nalika mayunan poe kiamat moal ngarasa kasieunan tapi malah sabalikna ku ayana kiamat aranjeun na bakal bungah ku ayana kiamat, sabab bakal meunang kanikmatan anu tos dijanjikeun ku Alloh, tapi sabalikna jalma anu teu iman dina datangna kiamat maranehna ngarasa sieun rewas bari hanjakal sabab salila hirupna maranehna teu iman.
4.       Dina poena dibangkitkeun, jalma anu iman bakal disambut ku para malaikat anu penuh kabungahan, kalayan para malaikat mawa catetan amal anu alus, tuluy dianterkeun kana surga anu tos dijanjikeun ku Alloh. Sabalikna jalma anu teu iman disambut ku para malaikat dina kaayaan pikasieunen, bari ngasongkeun catetan amal anu pinuh ku kagorengan, maranehna disered tuluy dialungkeun kana naraka jahanam.
كَلَامٌ قَدِيْمٌ لَايُمَلُّ سِمَاعُهُ * تَنَزَّهَ عَنْ قَوْلٍ وَفِعْلٍ وَنِيَةِ
بِهِ أَشْتَفِيْ مِنْ كُلِّ دَاءٍوَنُوْرُهُ * دَلِيْلٌ لِقَلْبِيْ حِيْنَ جَهْلِيْ وَحَيْرَتِيْ       
فَيَارَبِّ مَتِّعْنِيْ بِسِرِّحُرُوْفِهِ * وَنَوِّرْبِهِ قَلْبِيْ وَسَمْعِ وَمَقْلَتِيْ


Sabtu, 20 September 2014



Riyadlohan                                                                                                                                          
Al Hasan, 20 September 2014
KH. Didin Najmudin
Dawuhan kanjeng Nabi الايمان يزيد وينقص anu pihartoseun nana “imanna manusa teh kadang nambah, kadang ngurangan”.
Ari iman manusa eta bisa nambahan bisa oge ngurangan, cara pikeun nambahan kaimanan nyaeta ku ningkatkeun kata’atan ka Alloh, anu ngajadikeun iman ngurangan nyaeta ku lobana maksiat ka Alloh. Tina hal eta aya sababaraha tingkatan kaimanan, diantawisna :
·         Aya iman anu salawasna naek, nyaeta imanna para Nabi,
·         Aya iman anu salawasna turun, nyaeta imanna jalma fasek,
·         Aya oge iman anu angger, teu naek oge teu turun, nyaeta imanna para Malaikat,
·         Aya iman anu sakapeng naek sakapeng turun, nyaeta imanna jalmi Mu’min.
Aya cara pikeun naekkeun taraf kaimanan, diantarana nyaeta ku ngalobakeun dehes ka Alloh, ku ngajalankeun sagala bentuk ibadah, baik anu sifatna Fi’liyah (bangsa pagawean), Qauliyah (bangsa ucapan), atanapi Amaliyah Qolbiyah (amal hate).
Insyaalloh lamun bisa ngajalankeun ibadah anu eta maka darajat kaimanan bakal naek, bakal sumerep dina hate, iman lain ngan saukur kayakinan jeung kapercayaan tapi naon anu diyakini jeung dipercaya bakal jadi rasa, sabab satiap amal sholeh anu dilampahan ku jalma mu’min ngagaduhan pangaruh syare’at, pikeun mukakeun panon ati sahingga jadi cekas paningal batin, naon anu katingal ku panon tiasa katerawang ku hate, janten muroqobah laku asa diteuteup, didangu, diuninga ku Alloh, katingal beuratna siksa sok sanajan masih aya keneh didunya, kembatna perjlanan akherat sahingga jadi motivasi pikeun kahirupan satuluyna.
اَللّهُمَّ اِنَّا نَسْأَلُكَ سَلاَمَةً فِى الدِّيْنِ وَعَافِيَةً فِى الْجَسَدِ وَزِيَادَةً فِى الْعِلْمِ وَبَرَكَةً فِى الرِّزْقِ وَتَوْبَةً قَبْلَ الْمَوْتِ وَرَحْمَةً عِنْدَ الْمَوْتِ وَمَغْفِرَةً بَعْدَ الْمَوْتِ
اللَّهُمَّ إِنِّي أَسْأَلُكَ نَفْسًا بِكَ مُطْمَئِنَّةً، تُؤْمِنُ بِلِقَائِكَ، وَتَرْضَى بِقَضَائِكَ، وَتَقْنَعُ بِعَطَائِكَ   

Jumat, 19 September 2014



PONDOK PESANTREN AL HASAN CIAMIS
TAFSIRAN Ciamis, 18- September-2014
KH. Ilan Muhammad Fauzan
Q.S Al Anbiya Ayat 98-100
إِنَّكُمْ وَمَا تَعْبُدُونَ مِنْ دُونِ اللَّهِ حَصَبُ جَهَنَّمَ أَنْتُمْ لَهَا وَارِدُونَ (٩٨) لَوْ كَانَ هَؤُلاءِ آلِهَةً مَا وَرَدُوهَا وَكُلٌّ فِيهَا خَالِدُونَ (٩٩)
لَهُمْ فِيهَا زَفِيرٌ وَهُمْ فِيهَا لا يَسْمَعُونَ
98. Sungguh, kamu (orang kafir) dan apa yang kamu sembah selain Allah, adalah bahan bakar Jahannam. Kamu (pasti) masuk ke dalamnya.
99. Seandainya (berhala-berhala) itu tuhan, tentu mereka tidak akan memasukinya (neraka). Tetapi semuanya akan kekal di dalamnya.
100. Mereka merintih dan menjerit di dalamnya (neraka) dan mereka di dalamnya tidak dapat mendengar.
Penjelasan
Dijelaskeun dina ayat sateuacanna, kariweuhan dina poe kiamat moal aya bandingan nana, sakumaha riweuhna hirup di alam dunia, teu satitik-titik acan riweuhna dina poe kiamat, para manusa anu salisa hirupna kufur kana parentah Alloh ting polohok, polotot, ngajerit, nahan kasieun anu kacida lantaran ku kacauna kahirupan dina poean kiamat, maranehna nyadar yeun naon anu dibejakeun ku para nabi tentang poe kiamat nyata ayana.
Dina ayat 98-100 Alloh mertelakeun kumaha gambaran kaayaan dina jero naraka,
Yakin Alloh nyiptakeun sadaya perkara di alam dunia pasti aya jodona, lain saukur jodo pasangan hirup, tapi oge amaliah sapopoe urang aya jodona, saperti halna jalma nu sok milampah kahadean yakin jodona jeung kabagjaan, kitu deui jalma nu sok milampah kagorengan pasti jodona kasangsaraan.
Jalma anu kufur kana parentah Alloh bakal diasupkeun kana naraka, sajaba maranehna bakal diasupkeun oge pangeran anu kumaranehna disembah, jalma anu kufur jeung anu pangeran anu disarembah ku maranehna dina narakana dijadikeun suluh.
Hirup dina tempat anu pinuh ku kahadean, maka yakin Alloh bakal mere kamampaatan dina sagala amaliahna, tapi eta sadayana kedah bari dibarengan ku hate anu ikhlas.
Kulantaran sadaya anu aya dina kahirupan ieu aya jodona, maka urang kudu pinuh ka hati-hatian dina paripolah, laku lampah, tata titi basa, sabab sagalana pasti aya jodona. Sakumaha paribahasa dina sunda “meulak cabe jadi cabe, meulak bonteng jadi bonteng, meulak hade jadi hade, meulak goreng jadi goreng”.
3 kajadian anu bakal kajadian dina naraka,
1. Jalma anu salila hirupna nyembah kana berhala, bakal ngarasa rugi, sabab maranehna ngarasa di jerumuskeun kana kagorengan.
2. Keur dina hirupna jalma nyembah kana berhala, maranehna yakin bahwa berhala eta bakal mere syafaat, bakal nolak kana adzabna Alloh, antukna berhala anu ku maranehna disembah sarua dialungkeun kana naraka,
3. Dialungkeun nana berhala kana naraka ngajadikeun hiji hinaan, pikeun jalma anu nyembah kana berhala, nyata berhala anu disembah teu bisa mere nanaon.
Lamun enya berhala anu disembah eta pangeran tangtu eta berhala bakal salamet, tapi bukti berhala anu dianggap pangeran asup kana naraka teu bisa nyalameutkeun manehna komo kanu nyembahna.
Gambaran-gambaran dina naraka pikeun jalma anu durhaka kana naraka
Maranehna gogorowokan dina naraka menta tulung nepi kaparegat urat tikorona.
Sakumaha tarikna ngagorowok moal aya anu ngadenge.