Sabtu, 20 September 2014



Riyadlohan                                                                                                                                          
Al Hasan, 20 September 2014
KH. Didin Najmudin
Dawuhan kanjeng Nabi الايمان يزيد وينقص anu pihartoseun nana “imanna manusa teh kadang nambah, kadang ngurangan”.
Ari iman manusa eta bisa nambahan bisa oge ngurangan, cara pikeun nambahan kaimanan nyaeta ku ningkatkeun kata’atan ka Alloh, anu ngajadikeun iman ngurangan nyaeta ku lobana maksiat ka Alloh. Tina hal eta aya sababaraha tingkatan kaimanan, diantawisna :
·         Aya iman anu salawasna naek, nyaeta imanna para Nabi,
·         Aya iman anu salawasna turun, nyaeta imanna jalma fasek,
·         Aya oge iman anu angger, teu naek oge teu turun, nyaeta imanna para Malaikat,
·         Aya iman anu sakapeng naek sakapeng turun, nyaeta imanna jalmi Mu’min.
Aya cara pikeun naekkeun taraf kaimanan, diantarana nyaeta ku ngalobakeun dehes ka Alloh, ku ngajalankeun sagala bentuk ibadah, baik anu sifatna Fi’liyah (bangsa pagawean), Qauliyah (bangsa ucapan), atanapi Amaliyah Qolbiyah (amal hate).
Insyaalloh lamun bisa ngajalankeun ibadah anu eta maka darajat kaimanan bakal naek, bakal sumerep dina hate, iman lain ngan saukur kayakinan jeung kapercayaan tapi naon anu diyakini jeung dipercaya bakal jadi rasa, sabab satiap amal sholeh anu dilampahan ku jalma mu’min ngagaduhan pangaruh syare’at, pikeun mukakeun panon ati sahingga jadi cekas paningal batin, naon anu katingal ku panon tiasa katerawang ku hate, janten muroqobah laku asa diteuteup, didangu, diuninga ku Alloh, katingal beuratna siksa sok sanajan masih aya keneh didunya, kembatna perjlanan akherat sahingga jadi motivasi pikeun kahirupan satuluyna.
اَللّهُمَّ اِنَّا نَسْأَلُكَ سَلاَمَةً فِى الدِّيْنِ وَعَافِيَةً فِى الْجَسَدِ وَزِيَادَةً فِى الْعِلْمِ وَبَرَكَةً فِى الرِّزْقِ وَتَوْبَةً قَبْلَ الْمَوْتِ وَرَحْمَةً عِنْدَ الْمَوْتِ وَمَغْفِرَةً بَعْدَ الْمَوْتِ
اللَّهُمَّ إِنِّي أَسْأَلُكَ نَفْسًا بِكَ مُطْمَئِنَّةً، تُؤْمِنُ بِلِقَائِكَ، وَتَرْضَى بِقَضَائِكَ، وَتَقْنَعُ بِعَطَائِكَ   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar