Kamis, 25 September 2014



TAFSIRAN                                                                                                                    AL HASAN, 25 SEPTEMBER 2014
KH. Ilan Muhammad Fauzan
Q. S. Al Anbiya 101-104
لا يَسْمَعُونَ حَسِيسَهَا وَهُمْ فِي مَا اشْتَهَتْ أَنْفُسُهُمْ خَالِدُونَ (١٠٢)لا يَحْزُنُهُمُ الْفَزَعُ الأكْبَرُ وَتَتَلَقَّاهُمُ الْمَلائِكَةُ هَذَا يَوْمُكُمُ الَّذِي كُنْتُمْ تُوعَدُونَ (١٠٣)يَوْمَ نَطْوِي السَّمَاءَ كَطَيِّ السِّجِلِّ لِلْكُتُبِ كَمَا بَدَأْنَا أَوَّلَ خَلْقٍ نُعِيدُهُ وَعْدًا عَلَيْنَا إِنَّا كُنَّا فَاعِلِينَ
Hartosna :
101.     Saenyana jalma-jalma anu geus aya pikeun maranehna katangtuan anu alus ti kami, maranehna dijauhkeun tina naraka.
102.     Maranehna teu ngadangu kana sora anu aya tina naraka jahanam, jeung maranehna abadi dina ngalap kanikmatan anu dipikahayang ku maranehna.
103.     Maranehna teu ngarasa sedih ku karewasan anu gede (poe kiamat) jeung maranehna disambut ku para malaikat (bari ngucap : ieu poean anu geus dijanjikeun pikeun aranjeun).
104.     Nyaeta dina poe Kami nilepkeun langit saperti nilepkeun ngamimitian dina mimiti nyiptakeun, nyakitu kami bakal ngabalikeun deui, eta janji anu pasti dilakonan ku Kami, saenyana Kami bakal ngalaksanakeunnana.
Penjelsannana
Sakumaha dina ayat anu sateuacanna netelakeun masalah ka ayaan dina naraka pikeun jalma anu loba amal gorengna salagi di alam dunia na.
Dina ayat anu ieu ngajelaskeun gambaran pikeun jalma anu iman anu dibarengan ku ka ikhlasan anu bakal meunang kanikmatan surga kalayan salawasna.
Kanikmatan-kanikmatan anu bakal dipaparinkeun ku Alloh pikeun jalmi anu iman anu asup kana surgana Alloh :
1.       Jalma anu iman tur sholeh dina surgana moal ngadangukeun jeritan jalma anu aya dina naraka.
2.       Para penghuni surga aya dina kabagjaan, dina sorgana bakal meunang kanikmatan anu salawasna.
3.       Jalma anu iman dina nalika mayunan poe kiamat moal ngarasa kasieunan tapi malah sabalikna ku ayana kiamat aranjeun na bakal bungah ku ayana kiamat, sabab bakal meunang kanikmatan anu tos dijanjikeun ku Alloh, tapi sabalikna jalma anu teu iman dina datangna kiamat maranehna ngarasa sieun rewas bari hanjakal sabab salila hirupna maranehna teu iman.
4.       Dina poena dibangkitkeun, jalma anu iman bakal disambut ku para malaikat anu penuh kabungahan, kalayan para malaikat mawa catetan amal anu alus, tuluy dianterkeun kana surga anu tos dijanjikeun ku Alloh. Sabalikna jalma anu teu iman disambut ku para malaikat dina kaayaan pikasieunen, bari ngasongkeun catetan amal anu pinuh ku kagorengan, maranehna disered tuluy dialungkeun kana naraka jahanam.
كَلَامٌ قَدِيْمٌ لَايُمَلُّ سِمَاعُهُ * تَنَزَّهَ عَنْ قَوْلٍ وَفِعْلٍ وَنِيَةِ
بِهِ أَشْتَفِيْ مِنْ كُلِّ دَاءٍوَنُوْرُهُ * دَلِيْلٌ لِقَلْبِيْ حِيْنَ جَهْلِيْ وَحَيْرَتِيْ       
فَيَارَبِّ مَتِّعْنِيْ بِسِرِّحُرُوْفِهِ * وَنَوِّرْبِهِ قَلْبِيْ وَسَمْعِ وَمَقْلَتِيْ


Tidak ada komentar:

Posting Komentar