Sabtu, 27 September 2014

Panyakit Hate



Riyadloh  27 september 2014
KH. Nizar Muhammad Fasya
5 panyakit hate nu jadi panghalang kana meunangna predikat sholeh
Sadaya jalma nu aya dialam dunya hoyong jadi jalma soleh, jalma baragajul oge ngaharepkeun turunan anu soleh, komo deui jalma anu soleh pasti na ngarep turunan anu soleh, sakumaha do’a anu sok di dawankeun nana
رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا
Ku kasolehan jadi jalan kana kengingna karuniana Alloh, maka tina hal eta urang kudu pinter-pinter ngajauhan hal anu matak ngajauhkeun kana meunangna predikat soleh, diantara anu matak ngajauhkeun kana predikat soleh nyaeta :
1.       Ngarasa betah dina kabodoan, utamana ngarasa betah dina kabodoan hal agama, leuwih ngautamakeun kana perkara dunya sedengkeun agama ditoler-toler, aya hiji dawuhan nabi nu nyebatkeun
 إن الله يبغض كل عالم فى الدنيا وجهل فى الاخرة
Hartosna : Alloh bendu ka jalma anu pinter dina hal dunya, tapi bodo dina agama
Katerangan hadits anu sejenna nyebatkeun
“Bakal datang hiji zaman kaumat kami, dimana eta zaman jalma bakal ngajauhan ka para ulama, maka Alloh bakal nurunkeun tilu cocoba, diantara : bakal dibere pamimpin anu dholim, moal aya kabarokahan dina usaha anu dilampahan nana, iman jeung islamna moal kabawa maot ”
Pribahasa nyebatkeun bodo jalanna kasalahan.
2.       Serab kana haliyah dunya bakal mohokeun kana tugas sabenerna urang di alam dunya, ngarasa teu cukup kana rizki anu tos dipasihkeun ti Alloh.
Ngarasa kurangna kahirupan dunya utamana harta bakal mohokeun kana ibadah, kawajiban,sahingga ngajadikeun jalma anu teu bisa sukuran kana ni’matna Alloh.
Sakumaha pidauh Alloh

وَلَا تَمُدَّنَّ عَيْنَيْكَ إِلَىٰ مَا مَتَّعْنَا بِهِ أَزْوَاجًا مِنْهُمْ زَهْرَةَ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا لِنَفْتِنَهُمْ فِيهِ ۚ وَرِزْقُ رَبِّكَ خَيْرٌ وَأَبْقَىٰ
وَأْمُرْ أَهْلَكَ بِالصَّلَاةِ وَاصْطَبِرْ عَلَيْهَا ۖ لَا نَسْأَلُكَ رِزْقًا ۖ نَحْنُ نَرْزُقُكَ ۗ وَالْعَاقِبَةُ لِلتَّقْوَىٰ
3.       Koret kana harta anu dipimilik karena ngarasa meunangna harta kujalan usaha sorangan lain karena pamasih ti Alloh
4.       Riya, ibadah jeung amal hayang ditilai kubatur, lain karena Alloh ngalaksanakeun ibadahna. Lamun aya anu muji kaurang karena ibadah atawa amal, maka urang ulah ngarasa pang hadena tapi urang jawab ku أللهم ثبت حمدك mugi gusti netepkeun kana pujian gusti
5.       Ngarasakeun diri anu pang-pangna (Takabur), padahal takabur mangrupakeun sifat na syetan, sakumaha pidauh Alloh dina Al Quran
قَالَ مَا مَنَعَكَ أَلا تَسْجُدَ إِذْ أَمَرْتُكَ قَالَ أَنَا خَيْرٌ مِنْهُ خَلَقْتَنِي مِنْ نَارٍ وَخَلَقْتَهُ مِنْ طِينٍ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar