Sabtu, 13 September 2014



Pondok Pesantren Al Hasan
Riyadlohan                                                                                                      13 september 2014
KH. Didin Najmudin
KAUTAMAAN MACA AL QURAN
Al Quran mangrupakeun mu’jizat anu dipasihkeun ku Alloh ka Nabi Muhammad SAW pikeun dijadikeun petunjuk jeung tungtunan  manusa hirup di alam dunia, diantara syafaat pikeun anu maca Al Quran diantawisna nyaeta :
1.      Al Quran mere syafaat dina poe qiyamat, sakumaha pidauh nabi
إقراء القران فإنه يأتي يوم القيمة شفيعا لاصحابه
Anu hartosna : kudu maca anjeun kana Al Quran, yakin bakal datang dina poe qiyamah, pikeun mere syafa’at kanu macana.
2.      Bakal dibarengkeun jeung para malaikat anu mulya, sakumaha dawuhan Nabi anu hartosna jalmi anu lancar maca kana Al Quran* bakal babarengan jeung para Malaikat anu mulya tur terhormat.
* anu sesuai jeung kaidah elmu tajwid jeung makhorijul hurufna
3.      Aya sababaraha perumpamaan pikeun jalma anu sok maca kana Al Quran, diantawisna :
a.       Jalma mukmin anu sok maca Al Quran saperti buah Utrujah(buah anu rasa amis, angsehna sengit),
b.      Jalma mukmin anu tara maca Al Quran saperti buah Qorma (buah anu rasana amis, tapi teu aya angsehna),
c.       Jalma munafek anu sok maca Al Quran saperti buah Raihan (buah anu sengit angsehna, tapi pait rasana),
d.      Jalma munafek anu tara maca Al Quran saperti buah Handlolah (buah anu teu sengit bari rasana pait).
4.      kasauran Sayyidina Ali :
ü  Saha jalma anu maca Al Quran dina nalika sholat, maka meunang pahala 50 kahadean dina setiap hurufna,
ü  Saha jalma anu maca Al Quran diluar sholat bari ngabogaan wudlu, maka bakal meunang pahala 25 kahadean dina satiap hurufna,
ü  Saha jalma anu maca Al Quran diluar sholat bari teu ngabogaan wudlu , maka bakal meunang pahala 10 kahadean dina satiap hurufna.
5.      Syafa’at anu sejen tina Al Quran nyaeta
المتعبد بتلاوته ngajadikeun ibadah pikeun jalma anu macana.
Diluhur ieu mangrupakeun sawarehna tina paedah/syafaat anu muncul tina Al Quran, maka tina hal eta salaku umat islam teu aya salah pikeun ngadawamkeun maca Al Quran dina kahirupan sapopoe.
اَللّٰهُمَّ ارْ حَمْنَا بِالْقُرْاٰنِ، وَجْعَلْهُ لَنَا اِمَامًا وَنُورًا وَهُدًى وَرَحْمَةً، اَللّٰهُمَّ ذَكِّرْنَا مِنْهُ مَا نَسِيْنَا وَعَلِّمْنَا مِنْهُ مَاجَهِلْنَا، وَارْزُقْنَا تِلاَوَتَهُ اٰنَۤاءَ للَّيْلِ وَ اَطْرَافَ النَّهَارِ وَجْعَلْهُ لَنَا حُجَّةً يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar